Syahadah Kangjeng Nabi: Mulih ka Jati Mulang ka Asal

24 01 2012

Oleh AHMAD SAHIDIN

Allahumma shalli ala Muhammad wa aali Muhammad
Allahumma shalli ala Muhammad wa aali Muhammad
Allahumma shalli ala Muhammad wa aali Muhammad

DINTEN Senen, 28 Shafar 11 Hijriah, Kangjeng Nabi Muhammad saw pupus. Dina sajarah dicarioskeun Kangjeng Nabi pupus kulantaran geuring parna alatan racun nu ngahiji jeung daging beuleum meunang urang Yahudi. Sohabat Kangjeng Nabi nu ngilu nuang daging langsung maot harita. Kangjeng Nabi nu karek sagegel langsung miceun eta daging.

Daging nu katuang ku Kangjeng Nabi teh teras bae racunna nyaliara. Saprak diracun, kasehatan Kangjeng Nabi beuki noron. Lain beuki sehat malihan geuringan. Rebo ahir sasih Shafar dicarioskeun Kangjeng Nabi geuring parna pisan.

Dinten Kemis, 24 Shafar 11 Hijriah, Kangjeng Nabi gugah tina kulem teras menta keretas jeung pena keur nulis wasiat. Kangjeng Nabi ngadawuh ka para sohabat: rek nyerat wasiat panungtung nu jaga bakal nentremkeun jeung moal sasar dina nyepeng ageman Islam saba’da Rasulullah saw.

Ngan hanjakal Umar bin Khaththab (dihareupeun) ngomong yen Kangjeng Nabi keur ngalindur kusabab geuring panas jeung geus cekap Al-Quran nu janten cepengan urang Islam.

Sohabat nu sejen teu panaju ka Umar. Didinya durdeur paadu omong di antara sohabat katut Umar. Dina waktu keur rame kitu Kangjeng Nabi bendu tuluy nitah kaluar sakabeh sohabat nu ngariung didinya.

Deudeuh teuing Kangjeng Nabi… geuning sohabat salira teu paduli. Padahal eta pamenta Salira, geuning teu dianggap kalah dianggap ngalindur. Henteu inget dina ayat Quran disebatkeun: maraneh kabeh kudu taat ka Allah, taat ka Rasul, jeung ulil-amri. Cacakan keur jumeuneung keneh teu tumut, komo deui geus ngantunkeun.

Poe harita Sayidah Fathimah jeung Imam Ali sarta tilu putu Nabi sumping deui ka bumi. Calik caket Kangjeng Nabi. Teu lila Kangjeng Nabi gugah tina kulem. Tuluy imut ninggal kulawargina nu geus aya didinya. Kangjeng Nabi miwarang Sayidah Fathimah nyakeutkeun cepilna ka lembei Nabi. Sayidah Fathimah dipasihan terang, sakeudeung deui roh Kangjeng Nabi bade dicandak ku Malaikat Ijrail. Seugruk bae ceurik Sayidah Fathimah. Tuluy Kangjeng Nabi ngaharewos deui, saba’da Kangjeng Nabi pupus nu bakal nuturkeun pupus teh Sayidah Fathimah. Nya atuh Sayidah Fathimah imut bagja.

Geus kitu Kangjeng Nabi nyalukan tilu putuna: Sayidina Hasan,Sayidina Husen sareng Sayidah Zainah. Tiluanana dirangkul ku Akina bari ceurik.

Kangjeng Nabi nyarios yen Sayidina Hasan di sawarga bakal kenging gedong anggreng hejo jeung bakal pupus alatan racun. Kitu oge ka Sayidina Husen nyarios bari ceurik yen engke Kangjeng Nabi nyalira nu bakal males jeung ngadakwa jelema nu mateni dugi pisah mastaka sareng badan. Sayidina Husen dipasihan terang di sawarga bakal gaduh gedong agreng beureum.

Sanggeus masihan terang putuna, Kangjeng Nabi teras kulem. Tilu putu miwah Imam Ali sareng Sayidah Fathimah kaluar jalaran Kangjeng Nabi kulem hawatos ngaganggu.

Teu lila, Kangjeng Nabi gugah. Nu aya didinya ngan garwana hungkul. Teras aya salah saurang garwana nu bade masihan ubar. Kangjeng Nabi nolak. Tuluy kulem deui. Keur kulem kitu ubar tadi diasupkeun ka lambeina.Teu lila Kangjeng Nabi gugah teras naroskeun saha geus kumawani ngalebetkeun ubar nu tadi dicaram. Ngan teu aya nu ngaku. Kangjeng Nabi menta minantu sareng putu katut putrina dipiwarang ka lebet bumi.

Imam Ali nu geus sumping sareng Sayidah Fathimah katut tilu putuna dipenta ku Kangjeng Nabi nyiapkeun cai keur wudhu. Saatos wudhu, tuluy mastaka Kangjeng Nabi nyarande ka dada Imam Ali nu nyanghareup ka kiblat (Ka’bah) Teras miwarang Sayidah Fathimah ngahaleuangkeun ayat-ayat Quran. Teu lila tidinya, tuluy bae lambei Kangjeng Nabi ngagerenteskeun kalimah-kalimah Allah. Kulapes mastaka Kangjeng Nabi lagrag. Tiis jeumpling. Teu aya ambeukan dina dada Kangjeng Nabi. Tiis sakujur badan. Poe harita Kangjeng Nabi parantos janten layon. Poe eta sajarah Islam gentos carita. Gentos lalakon sajarah dugi Kiamat.

Allahumma innii as aluka waatawajjahu ilaika binabiyyika
Nabiyyirrahmah Muhammadin shallallaahhu ‘alaihi waaalihi

Yaa Rasululillah…
Yaa Imamur Rahmah…
Yaa Sayyidana wa maulana…

Inna tawajahnaa was tasyfa’naa watawassalnaa bika ilallaah
Waqadam naaka baina yadai haajaatinaa;

Yaa wajiihan ‘indallah… isyfa’lanaa ‘indallaah…
Yaa wajiihan ‘indallah… isyfa’lanaa ‘indallaah…
Yaa wajiihan ‘indallah… isyfa’lanaa ‘indallaah…

Bandung: 26 Shafar 1433 Hijriah

AHMAD SAHIDIN, penulis buku TANDA-TANDA KIAMAT MENDEKAT [Bandung: Salamadani, 2010]


Tindakan

Information