Oleh AHMAD SAHIDIN
SALAM… Ahir Desember 2011 kamari di Sampang-Madura, urang Islam Syiah ditandasa jeung harta banda sarta imah katut pasantren oge diduruk. Eta kalakuan henteu islami teh, salain dimimitian ku perkara awewe, diprovokasi oge Majelis Ulama Indonesia (MUI) Jawa Timur.
Lain nentremkeun, ulama nu aya di MUI Jawa Timur malah mere pelor keur merangan nu bedah paham. Mun enya sasar, kedahna diulem tuluy sawala perkawis ageman dugi rengse. Ulem urang Islam Syiah nu dianggap tiasa ngawakilan urang Islam Syiah. Ulem oge akademisi sareng ulama Sunni. Jigana mah bakal rame jeung nambihan elmu dina ngiluang riuangan sawala eta. Kuduna MUI pusat anu ngayakeun sawala paham Islam.
Jigana jelema-jelema nu di MUI Jawa Timur can terangeun yen urang Islam Syiah boga dalil nu jelas jeung kuat dina sual mut’ah, shalat tilu waktu, ma’sumna para imam ahlulbait, kapamingpinan Imam Ali saatos pupus Rasulullah saw, sareng dina perkara rukun iman sarta rukun Islam.
Geuning ari MUI Pusat mah ngabewarakeun yen ajaran Syiah teh bener jeung diaku kaasup mazhab ageung dina Islam ku ulama-ulama dina forum internasional. Malihan mah dugi aya deklarasina: Deklarasi Makkah (Arab Saudi), Deklarasi Bogor (Indonesia), Deklarasi Amman (Jordan), Deklarasi Dhaha (Oman), jeung Deklarasi MUHSIN (Majelis Ukhuwah Sunnah Syiah Indonesia) di Jakarta (Indonesia).
Naha atuh MUI Jawa Timur teu apaleun? Jigana mah can aya koordinasi antara MUI Pusat jeung daerah. Atawa meureun embung aya nu beda jeung paham ageman nu mayoritas. Janten bae mawa karep sorangan.
Mun ditilik tinu alesan MUI Jawa Timur, sarua jeung nu sok dibewarakeun jalma-jalma nu ageman na Wahabi nu asalna ti Arab Saudi. Anu sok gampang ngaharamkeun, ngamusyrikeun, ngabid’ahkeun paham nu beda jeung manehna. Baheula di Madinah (Arab) pajaratan Kangjeng Nabi Muhammad saw oge diratakeun sarta nandasa dugi pupus urang Islam nu pahamna sufi sareng Sunni. Malihan dina buku Wahabisme karya Hamid Algar disebatkeun ngajarah emas nu aya di pajaratan Amirul Mukminin Ali bin Abi Thalib di Najaf, Irak.
Simkuring geus macaan buku ti ulama Islam Syiah sareng ulama Sunni Indonesia. Dina buku-buku eta dijelaskeun hal-hal nu dianggap nyimpang atawa sasar ku urang Ahlussunnah jeung Wahabi. Buku-buku nu kantos dibaca teh di antarana:
1. Dialog Sunnah Syiah karya Syarafuddin Al-Musawi (Bandung: Mizan, 2009),
2. Sunnah-Syiah Bergandengan Tangan! Mungkinkah? karya Muhammad Quraish Shihab (Jakarta: Lentera Hati),
3. Dua Pusaka Nabi saw karya Ali Umar Al-Habsyi (Jakarta: Ilya, 2007),
4. Fikih Imam Jafar Shadiq karya Muhammad Jawad Mughniyah (Jakarta: Lentera),
5. Inilah Islam karya Allamah Muhammad Husein Thabathabai (Bandung: Pustaka Hidayah),
6. Merajut Ukhuwah Memahami Syiah: Memuat Catatan untuk Hidayat Nur Wahid karya Muhammad Babul Ulum (Bandung: Marja, 2008),
7. Islam Alternatif karya Jalaluddin Rakhmat (Bandung: Mizan),
8. Islam Aktual karya Jalaluddin Rakhmat (Bandung: Mizan),
9. Menjawab Soal-soal Kontemporer karya Jalaluddin Rakhmat (Bandung: Mizan),
10. Mazhab Syiah (tarjamah nu diterbitkeun Muthahhari Press Bandung).
Buku-buku eta sakedik aya panjelasan dina perkara ajaran-ajaran Islam Syiah. Sumberna jelas ti para ahli jeung memang asli nu nganut paham ageman Islam Syiah. Kuring percanten ka arajeuna dina perkara Syiah batan ka jelema nu ngaku-ngaku ahli Syiah tapi ngan ukur ngagogoreng, ngajejeleh, sarta nyebat sasar nu sumberna lain ti ulama sarta urang Islam Syiah.
Jiga baheula di nagari urang unggal ping 30 September osok aya film di TVRI perkawis PKI nu maehan jeung rek kudeta. Eta film teh dijieun ku jalma nu ngewa ka PKI sahingga nu lalajo terang yen PKI sasar jeung bahaya keur rahayat Indonesia.
Mun ceuk anak turunan pepentol PKI mah eta film salah jeung geus loba bohongna batan benerna. Janten so kaya rekayasa ti jalma nu ngewa sangkan teu diaku ku rahayat atawa teu dianggap bener mun dina urusan ageman. Nu bener teh versi manehna hungkul. Komo deui mun mayoritas jeung boga kakawasan tambah kiat dina rekayasana.
Dina urusan paham ageman oge kitu. Loba jelema nu ngomongkeun perkawis Syiah tapi eusina patukang tonggong jeung versi urang Islam Syiah. Mun hayang terang ajaran Islam Syiah lain datang ka kiai Sunni atanapi Wahabi. Pasti mun ka maranehna mah yen nu bener teh mazhabna. Kedahna sumping ka ulama atanapi ajengan anu mazhabna Islam Syiah.
Kuring yakin, boh urang IJABI (Ikatan Jamaah Ahlulbait Indonesia) atanapi ABI (Ahlulbait Indonesia), mun dianjangan pikeun ngobrol perkawis ajaran Islam Syiah pasti moal nolak. Sok guar tinu masalah nu gede dugi masalah leutik. Mun kirang panuju bisa langsung didebat bae didinya. Insya Allah, cikopi atawa cienteh bae aya. Lumayan pan, meunang elmu jeung bisa ngopi haratis. Cag… ah. Engkin mun aya umur sambung deui. Wassalam.
AHMAD SAHIDIN, penulis buku TANDA TANDA KIAMAT MENDEKAT (Bandung: Salamadani, 2010)
Terima kasih, sarannya. Ya, memang Islam secara doktrin adalah satu. Namun, Islam dalam konteks historis ada mazhab dan aliran yang satu sama lain punya perbedaan dan kesamaan. Betul, kita harus memerangi Zionis Israel dan Amerika.
wlkslm,,maaf kang kl bs tata bahasa dan caranya di atur..kl akang seprti ini justru akang bisa menimbulkan lg pertengkaran yang baru,,,saya mohon k akang ..g usah ada bahasa2 islam syiah atau apapun namanya…karena ajaran nabi hanya satu yaitu “ISLAM”..yang pasti kita harus bersatu dan saling menghargai,,musuh kita sudah jelas di depan mata kita yaitu tiada lain ZIONIST ISRAEL & AMERIKA yang sudah jelas ingin mengadu domba kita semua