Sanes Urusan Mazhab atanapi Paham Ageman

19 01 2012

Oleh AHMAD SAHIDIN

TADI isuk abdi ninggali milis Kisunda. Didinya aya Kang Agus W, nu ngomentaran perkawis diskusi ageman sual Sunnah Syiah. Ceuk Kang Agus, “….. Boro-boro Ziarah ka Luluhur Sunda, Ziarah ka Para Wali-Wali Alloh oge anu aya ditanah Nusantara geus loba ku Urang Sunda sorangan di Musyrikkeun!, pajarkeun teh anu Ziarah ka para Wali mah mementa ka Batu jeung Nisan cenaaaaah.”

Hehehe… leres kitu Kang. Kang Agus, nu ngamusyrikeun teh teu bisaeun janten bae ngaharamkeun; ngamusyrikeun. Geuning urang lembur mah, khususna di Samarang Garut mah, masih keneh zaroh, masih ngayakeun marhabaan, masih maca barjanji, masih sholawatan, masih muludan, masih tasawul jeng sajabana.

Abdi mah sok teu kaharti kunaon nya; urang Wahabi–penganut paham Muhammad bin Abdul Wahab–di Arab Saudi masih keneh resep ngaharamkeun nu teu haram, masih ngewa ka umat Islam nu paham na Syiah, jeung ka kaum muslim Sunni sorangan nu beda paham dipikangewa. Malihan mah baheula keur mimiti nanjeur paham Wahabi, dugi ka tega ngaruksak pajaratan Kangjeng Nabi.

Dina buku Wahabisme karya Dr Hamid Algar, disebatkeun maranehna dugi ngahalalkeun getih urang Islam nu beda paham jeung urang Wahabi. Jigana MUI Jawa Timur nu nyebatkeun sasar ka Kiai Tajul Muluk sareng jamaah pasantren misbahul huda, Sampang Madura, teh kapangaruhan ajaran Wahabi. Cenah mah Wahabi teh kaasup Mazhab Sunni (ahlussunah). Nu terang abdi mah, urang Sunni teu wanieun kitu polah. Eta oge geus neuleuman elmu2 Islam, ari ngan ukur KTP mah beunang kapangaruhan asal beunang duit.

Kuring sapuk sareng Ustadz Jalal (Jalaluddin Rakhmat) yen kasus di Sampang sanes urusan mazhab atanapi paham ageman, tapi sual pendapatan alias duit.


Tindakan

Information

2 tanggapan

25 01 2012
Ahsa

Harusnya membaca langsung surah Annisa ayat 24; itu dalil nikah mut’ah. Yang mengharamkannya–dalam sejarah Islam–adalah Umar bin Khaththab.

19 01 2012
adejundi

punten kang:
coba lihat yang akang tulis di pragrap ke-3,,,prtanyaan saya:
-kalau akang berpendapat demikian lalu kenapa ada juga yang berani mengatakan nikah mut’ah haram?

hatur nuhun