Oleh AHMAD SAHIDIN
SALAM… Sampurasun. Ieu mah ngan ukur gerentes kuring. Teu aya maksad bade mapatahan; bade ngajarkeun ngojay ka meuri. Kieu dongengna teh: saminggu kamari dina milis Kisunda masih keneh teras dur deur perkawis Syiah jeung ageman kasundaan.
Tah, dina hiji postingan aya nu ngalungkeun perkawis kawijakan Ikatan Jamaah Ahlulbait Indonesia (IJABI) bahasan fikih nikah mut’ah. Tuluy saurang miliser ngomentaran nu kirang pas (sabab nyebatkeun aya nu ngabohong).
Sakaterang kuring mah, dina urusan fikih biasana sok aya bae beda paham atanapi benten tafsiran. Sanajan samazhab atanapi saormas, sok aya wae beda paham atawa tafsiran. Kitu oge urang Islam Syiah masing-masing beda dina nyepeng penjelasan hukum atanapi tafsiran. Nikah mut’ah memang jelas dina Quran aya kateranganna; surah annisa ayat 24. Ngan dina penjelasan waktu keur ngalaksanakeunna jeung sarat-sarat nu ngadukung biasana beda. Eta oge ceuk simkuring. Bisa jadi nu sanes benten sareng nu kapendak ku simkuring.
Mun teu salah, aya nu nyebatkeun di nagari mana bae sareng masayarakat mana bae bisa dilakukeun sabab eta hukum Allah. Eta oge mun aya calonna jeung siap rukun-rukunna. Aya oge nu nyebatkeun mut’ah tiasa dilakukeun keur dina kondisi darurat. Nu ieu mah ninggalna kana sajarah. Dina riwayat disebatkeu yen waktos-waktos mut’ah teh di antarana nuju perang jeung keur jauh ti pamajikan. Ceuk Prof Afif Muhammad, guru besar UIN Bandung, nikah mut’ah bisa dilakukeun ku urang Islam lamun keur jauh ti pamajikan sapertos nyaba jeung gawe di nagari batur atawa keur nyantri (sakola) di luar negeri.
Ustadz Jalal (Jalaluddin Rakhmat), Ketua Dewan Syura Ikatan Jamaah Ahlulbait Indonesia (IJABI), dina hiji konferensi pers (30 Des 2011) di Jakarta nyebatkeun, “Kami di IJABI nikah mut’ah diharamkan.”
Saur Ustadz Jalal, hakekatna urang Islam Indonesia ngalakukeun nikah mut’ah tapi dina konteks nu beda. “Kita semuanya nikah mut’ah, segera setelah akad nikah, kita diminta baca taqliq talak. Itu kan nikah mut’ah,” jelasnya.
Numutkeun simkuring, kawijakan Ustadz Jalal perkawis nikah mut’ah teh jigana ninggal can perlu mut’ah dijalankeun di Indonesia. Lain deui di Iran jeung Lebanon, hukum nagarina ngadukung. Indonesia pan kacirina can tiasa nampi hal-hal nu beda paham sareng beda tafsiran.
Ceuk kuring nu bodo, jigana Ustadz Jalal memandang mun kondisi teu ngadukung mut’ah henteu tiasa diamalkeun ku urang IJABI. Ari nu lian IJABI mah panginteun beda deui: rek ngalakukeun mangga, rek henteu oge teu nanaon. Eta kawijakan atanapi fatwa, numutkeun rarasaan kuring mah, keur ngajagi urang Islam Syiah bisi disasarkeun ku jalma-jalma nu can ngarti sareng kurang elmuna.
Di nagari urang ieu aya dua ormas Islam Syiah: IJABI nu dewan syura na Ustadz Jalal; jeung ABI (Ahlulbait Indonesia) nu dewan syura na KH Husein Shahab. Dua ormas ieu benten dina kawijakan kanggo pengikutna.
Dina ormas Sunni oge pan aya perbedaanna: NU ngameunangkeun tahlilan,ziarah, sarta tawasul; Muhammadiyah jeung Persis, ngamusyrikeun atawa meureun haram disebutna. Pan kamari oge dina nangtukeun idul fitri beda-beda. Janten tong kaget mun perkara mut’ah nu dimeunangkeun, tapi diteumeunangkeun dilaksanakeun ku urang IJABI nu sumber kawijakanna ti pupuhu nu pangluhurna: Ustadz Jalaluddin Rakhmat. Kuring mah ninggal fatwa IJABI teh faktor kondisi masyarakat Indonesia nu can siap narima perbedaan dina ajaran paham ageman nu aya dina Islama. Janten lain urusan ngaharamkeun nu halal.
Dina salah sahiji tafsiran urang Islam Syiah, yen shalat jumaah henteu bisa dilakasanakeun sabab kudu aya pamingpin nu mingpin, nyaeta Imam Mahdi Al-Muntazhar nu kiwari masih ghaib. Kusabab Imam Mahdi can aya, shalat jumaah bisa digentos ku shalat lohor atawa di nagari nu hukumna ngangge hukum Islam Syiah sapertos Iran. Di Iran mah shalat jumaah bisa dilaksanakeun kusabab hukum jeung nu mingpin Iran teh—bisa disebat—aya nu ngawakilan Imam Mahdi, nyaeta Imam Khamenei nu kiwari janten Rahbar (pimpinan tertinggi di Iran). Pan fatwa IJABI nu ngalangkungan Ustadz Jalal mah shalat jumaah teh meunang dilakonan ku pengkut IJABI jeung bisa ngiluan ka urang Ahlussunah. Tah didieu bedana tafsiran dina hiji mazhab jeung ormas nu sapaham dina paham ageman Islam.
Mun teu salah, dina urusan fikih atanapi fatwa, memang masing-masing Marja (ulama nu dijantenkeun rujukan/referensi ku urang Islam Syiah) gaduh tafsir nyalira sareng pendapat nyalira. Kiwari mujathid (marja) nu dijantenkeun rujukan ku urang Islam Syiah henteu saurang. Aya Sayid Ali Khamenei di Iran, Sayid Ali Sistani di Irak, Sayid Jafar Fadhlullah (nu neraskeun Sayid Husein Fadhlullah) di Lebanon, Ayatullah Jafar Subhani jeung nu sejenna.
Tah kitu baraya… Janten ulah reuwas mun teu sapagodos sareng nu benten dina tafsiran ngalakonan hukum-hukum Allah jeung sunnah nabawiyah. Simkuring yakin urang Islam nu geus ngarti dina elmu-elmu kaislaman sarta elmu-elmu kontemporer nu non agama pasti bakal ngarti sabab-sabab kaluarna hiji fatwa atawa kawijakan. Kantun diemutan bae, pas atawa henteu (dina kaayaan kiwari).
Simkuring mah tetep bae: dahulukan akhlak di atas fikih. Simkuring satuju yen umat Islam kedah mayunkeun hal-hal nu bakal teu ngakibatkeun papasean atawa henteu janten masalah di masyarakat. Mun kira-kirana bakal pibahayaeun pikeun jiwa sarta banda urang mah, mending cooling down. Cag ah… insya Allah engkin mun aya waktos diteraskeun. Wassalam.
AHMAD SAHIDIN, penulis buku TANDA TANDA KIAMAT MENDEKAT (Bandung: Salamadani, 2010).
…………………………………………………………………………………………………..
NOTE:
Berita tentang diharamkan nikah mut’ah untuk para pengikut IJABI dapat dilihat pada link: http://news.okezone.com/read/2011/12/31/337/549808/organisasi-syiah-indonesia-ba\
ntah-bolehkan-nikah-mut-ah
http://berita.ini-aja.com/home/readmore/393969
salam wa rahmah
mangga aos dina http://ahmadsahidin.wordpress.com/2012/01/25/merespon-penanya-tentang-pernyataan-ketua-dewan-syura-ijabi/
wlkmslm…pertanyaan saya :
1. apakah IJABI itu sebuah golongan/madzhab?
2. apakah ada marja yang mengharamkan mut’ah?siapa?
3. apa definisi fiqih dan apa pula definisi akhlak?
hatur nuhun