Oleh AHMAD SAHIDIN
— In kisunda@yahoogroups.com, Fessy Ratnasari wrote:
CEUK saha teu nyien agama ?, islam disebut agamana urang arab, urang sunda kudu nyekel agama sunda mu diagem ku madrais & mei, padahal lain agama sunda tapi agma jieunan maranehna, urang islam dipaksa ninggalkeun shalat jueng dicaram disundatan, tah ieu pan nitahan urang islam kaluar ti islam ?
SALAM.. Sampurasun… Seratan di luhur jigana mah teu ngarti paradigma agama sareng hal-ihwal ngeunaan agama. Janten bae ngacapruk sangeunahna. Ageman dihubungkeun etnis jeung geografis. Jigana mah kudu ngaji heula di jurusan perbandingan agama atanapi studi-studi agama di Universitas Islam Negeri nu aya di Indonesia.
Baraya.. simkuring ageman na Islam. Sanajan lahir jeung hirup dugi bewokan kieu tetep teu kabita nganut agama karuhun di Sunda; wiwitan, aliran perjalanan, madrais, jeng sajabana. Uing mah malihan keur resep jeung kabita teh dina paham ageman Islam. Keur budak dugi kuliha mah pernah resep paham Islam: Sunni, Liberal, NU.
Tah sanggeus lulus kuliah di UIN mah kuring keur nyobi nyukcruk galur paham Islam Syiah. Keur diajar neuleuman. Sugan jeung sugan bebeunangan. Ari ageman karuhun mah cekap bae kumaca seratan. Teu kaharti jeung teu perlu keur kuring mah kudu asup ageman Sunda mah. Ageman Islam oge can beres, komo ieu nu teu jelas konsep sareng paradigma agama na, nya teu dipalire. Keun bae keur nu nganut na bae. Urang mah moal sirik jeung ngewa. Tapi mun geus ngajejeleh ageman kuring, nya atuh kedah disawalakeun dugi ka beres.
Baraya… mun maca komentar Fessy diluhur kuring rada ngajenghok. Saba kaciri pisan manehna—meureun nganut ageman Sunda—teu ngarti kana ageman Islam. Ngacapruk. Sotoy.
Fessy…. justru dua hal eta dilakukeun ku urang Islam. Kaasup wajib shalat mah, jeung sunatan mah geus ti jaman kangjeng nabi Ibrohim dilaksanakeunna. Perkawis bade ngaluarkeun urang Sunda nu ageman na Islam supados lebet Madrais atanapi Aliran Perjalanan, Sunda Wiwitan jeung sajabana, mangga bae. Ngan kudu sae dina carana. Sok atuh geura iberan yen ageman khas Sunda di Sunda teh langkung unggul sareng kiat dina paradigma kaagamaan. Didieu urang ngalakukeun studi kritis agama. Tah ieu nu kahiji.
Nu kaduana, cobi naon alesanna bet Islam dianggap agama urang Arab. (Jigana karesten oge ku Salira mah disebat agama urang Barat/eropa? padahal mah karesten oge lahir di tanah Arab, palestina. Yahudi oge mun ditilik dina sajarah lahirna asup agama urang Arab da lahirna dikawasan Mesir nu asup Arab oge).
Nu katilu, naon alesanna yen urang Sunda oge kudu boga agama sorangan? jeung kudu nyepeng ageman nu khas Sunda? Naha aya nu nangtukeun yen Urang Sunda kudu nganut Sunda Wiwitan, Aliran Perjalanan, atawa Madrais?
Numutkeun simkuring, hubungan geografis jeung agama mah dina konteks budaya dan perilaku umat beragama. ari perkwis doktrin sareng ajaranna urusan na jeung Pangeran sareng Nabi. Ageman mah lintas geografis-etnis-bahasa sareng lintas budaya. Di Sunda, Islam bisa hirup jeung urang Sunda nu Islam oge masih keneh aya nu ngamumule budaya Sunda. Malihan mah ayana Islam, khazanah Sunda kalebet dinamis dina perkembangan sejarahna.
Nu kaopat, cing mun leres aya agama di tanah Sunda, kumaha rincian:
1. konsep Tuhan
2. konsep ajaran sareng “kitabsuci”
3. konsep pembawa ajaran
4. konsep saatos hirup di dunya (aya teu?)
Sakitu heula. Fessy. Da nu baheula oge geuning teu diwaler
Wassalam
Sampurasun,…
Ngenaan Ageman Sunda, simkuring kapungkur kantos ngadokumentasikeun dina blog simkuring tina gunem catur tina milist kisunda oge, alamatna ieu :
http://sukapura.wordpress.com/para-hiyangan/
hatur nuhun